Senin, 26 Oktober 2015

Riwayat Singkat Ngadegna Pesantren Al-Muawanah Lebakwangi (Titel : Sunda Bag.2)

Raden Ny Hj, Maemunah
Saparantos rengse diwangun lajeng ieu pasantren teh diresmikeun ku lurah Juragan Bintang disakseni ku perangkat desa, rupina Juragan Khalifah sareng Juragan Camat Pagelaran oge diangkir Sumping. Waktos harita teh taun 1927 M. kaleresan Kemis kaping 15 Sya'ban 1284 H. namina pasantren santiong.

Santri Munggaran diantarana putra-putra juragan Bintang, Raden Barnas, H. Basuni, Bai, Empon, Munah, Uneh sareng anu sejen na. Sawatara taun ti harita Muhammad Gozali angkat ka Mekah ngalaksanakeun ibadah haji. Mulih ti mekah KH, Gozali tambih seueur santrina.
Taun 1932 M. Apa lahir, jeneganana Ujang Badri, Maret 1936 M. lahir putra istri namina Nyai Halimah. Dina taun 1945 M. Nyai Halimah nikah ka Ustadz Bami dina yuswa 9 taun. Ustad Bami ngadegkeun Madrasah Diniyah dina taun 1947 M.

Taun 1947 M. Apa masantren ka Salapeuteuy direncangan ku Sarbini, Taun 1948 ngalih ka Tanjung, diteraskeun ka Pasantren Cilaku.
Taun 1949 M. KH. M. Gozali pupus dina yuswa 62 taun. kumargi putra sareng mantu nuju masantren, santri diwuruk ku Ibu Emun dibantuan ku Ka Ba'i. Dupi santri harita diantarana Ust Rosidin, Herman, Sarbimi, Ka Amang sareng nu sejen na.
KH. U Badri Tamam Gozali (APA)

Taun 1957 M. Apa nikah ka Ny Masitoh putra H.Sarbini ti kampung Rawasampih. Dina taun 1960 M. dugika 1965 M. nuju riweuh DI-TII. Apa sareng Umi ngungsi ka Kp Ciranji, ngadegkeun pasantren Babakan Santiong. diantara santrina sapertos H. Enjang Sujana, Aep, Horidj, Mahpudin, Arud, sareng anu sejen na.

Taun 1969 dumasar kana hasil pamundut para sepuh, diantawisna kang Herman, Ua H. Roba'i, mang Hudi, kalayan hasilna jalaran tebih ka Masjid Pasantren, H Mujtaba ngadamel masjid langgar di parigi. nu kiwari diteraskeun ku mantuna, kang Sadili.

Taun 1972 M masjid pasantren dipugar, dupi nu ngabantosna ti tipa-tiap DKM luar Santiong. Tos rengse teras dijenenganan eta masjid sareng pasantren teh ku Al-Muawanah dugika kiwari.

Bersambung...
Sejarah Bag ka-3 

1 komentar:

  1. Assaalaamualaikum.alhamdulillah htur nhun kangge info silsilah na

    BalasHapus